Do'a Sateuacan Pangaosan Tafsir

blogger templates
Do'a Sateuacan Pangaosan Kalam Alloh nu Qodim teu bosen di kupingna # Suci tina ucapan gawe jeung paniatan Ku eta hoyong cageur tina rupi panyakit # Nur na petunjuk hate nalika kabingungan Gusti Abdi bingakeun ku rasiah hurufna # Caangkeun hate abdi kuping jeung paningalna Abdi gaduh lima pikeun mareman panasna sakit # Kangjeung Nabi Sayyid Ali, Hasan Husen jeung Fathimah Kangjeung Nabi tara ngimpen dina saban-saban zaman # Sareng tara aob kangjeng Nabi salawasna zaman Sato linghas tara lumpat patepang jeung kangjeng Nabi Tara ka eunteupan laleur banget sae salirana Ningalina kangjeng Nabi pungkur payun sami bae # Sareng tara katingali tilas kahampangan nana Dupi manah kangjeng Nabi tara kulem mung socana # Anu kulem teu katingal anu pinter kalangkangna Walikatna kangjeng Nabi sok ngunggulan ka kaumna # Nalika di babarkeun di sepitan ti asalna Dupi ieu katangtuan pek ku anjeun arapalkeun # Tangtu salamet tina seuneu, maling jeung bahayana Pirang-pirang kani’matan nu matak mateni iman # Jalmana mah teu nyahoeun di jero aya racunan Sing rempan kacida teuing lapar rejeung beuteung kembung # Terkadang kacida kosong goreng batan beuteung kembung Kocorkeun cipanon anjeun da loba karumasaan # Loba gawe paharaman pek jaga kanalangsa-an Sulayaa- an nafsu Syetan ulah di gugu ku anjeun # Teu meles nganasehatan sing rasa kafitnah anjeun Mugi Gusti ngaberkahan kana kasab abdi sadaya # Sareng mugi ngudar bengket kahesean abdi sadaya Mugi Gusti ngalempangkeun kana sukma abdi sadaya # Kapayunen pangkon Gusti di barengan hidayahna Yaa Qobidh muugi maotan dina tingkah pangsaena # Yaa Basith mugi jembarkeun rizki abdi sadayana Nun gusti abdi nyanggakeun ka musuh saban jurusan # Kalawan asma gamparan abdi nenggor ti katebihan He Dzat anu sifat Bari tina awon mugi jagi # Ku fadhol gusti kasusah mugi dijagi He Alloh anu ngadamel nu ngarizqian asalna # Mugi gampang maksad abdi hasil sartana salamet Ka Gusti abdi nyuhunkeun sehat hate sareng badan # Sareng waras tina jasad kulawargi jeung turunan Panjang umur istiqomah sampurna jeung di riksaan # Tina Uzub katakaburan rejeung jiwa kahasudan Jeung jembarkeun parizqian halal taya kakirangan # Anu jadi pertulungan kana jalan kabeneran Duh Gusti pasihan terang haq rejeung abdi tulungan # Pikeun abdi ngalakonan ku kurnia jeung ka bageuran Duh abdi pasihan terang jalan galur ka Nabian # Di pidamel nurutkeun jalan nu di piridho gamparan Duh Gusti pasihan terang kawajiban ka muslimin # Sing tiasa ngalakonan hingga maot ngadatangan Ku ka agungan Nabina mugi Alloh tambih rahmatna # Kangjeng Nabi kulawargina puji ka Alloh nyanggakeun DO’A SA ATOS NGAOS QUR’AN Nun Gusti Caangkeun abdi # Ku Mu’jizat kitab Gusti Caangkeun paningal abdi # jeung jembarkeun dada abdi Jeung lancarkeun lisan abdi # jeung anggoan jasad abdi Ku pertulungan ti Gusti # jeung kakuatan ti Gusti Sayaktosna kalakuan # taya daya kakuatan Anging wungkul ti gamparan # nu ku abdi di antosan DO’A DINTEN JUM’AT He Alloh anu bageran # he Alloh anu pujieun He Alloh anu ngayakeun # he Alloh nu ngabalikeun He Alloh anu nyaahan # he Alloh anu bageuran Duh Gusti abdi bengharkeun # kunu halal ti Gamparan Jeung Gusti abdi tebihkeun # tina sakur paharaman Jeung Gusti abdi to’atkeun # tina dosa di sebatkeun Wungkul ku fadhol Gamparan # jauh ti lian Gamparan Mugi Gusti nyubadanan # kana du’a hamba Gambaran Kangjeung Nabi tara ngimpen dina saban-saban zaman # Sareng tara aob kangjeng Nabi salawasna zaman Mugi Gusti ngalempangkeun kana sukma abdi sadaya # Kapayunen pangkon Gusti di barengan hidayahna Sing rempan kacida teuing lapar rejeung beuteung kembung # Terkadang kacida kosong goreng batan beuteung kembung He Dzat anu sifat Bari tina awon mugi jagi # Ku fadhol gusti kasusah mugi ilangkeun dijagi

0 Response to " Do'a Sateuacan Pangaosan Tafsir"

Posting Komentar