Contoh Pidato dalam Pernikahan bahasa sunda

blogger templates
NYERENKEUN PANGANTEN السلام عليكم ورحمة الله وبركاته الحمد لله الذى احل النكاح وندب اليه وحرم السفاح ووعد عليه (اما بعد) وقال الله تعالى :ومن ايته ان خلق لكم من .........الاية Langkung tipayun urang sami-sami haturken puji syukur alhamdulillah ka Alloh robul ghofur anu parantos nyiptakeun badan sakujur anu jadi modal tafakur anu kadituna ngabuahken jadi syukur. Sholawat miwah salamna mugia ku Alloh di kucur sareng di kocorkeun ka Nabi anu gelar hamba anu seueur syukur sahingga janten titel anu mashur ku Alloh robull gopur. Oge teu hilap ka kulawargi sohabat katut urang sadayana anu riung mungpulung tur bongkok ngaronyok dina ieu tempat mudah-mudahan kakepretan sareng ka cepretan ku rohmat ti anjena sehingga urang sadayana ka kurung ku safa’atul udzma anjena engke di nyaumil qiyamah, Amin ya Alloh ya robal alamin. Hadirin rohimakumulloh…. Para hadirin para tatamu uleman wabill khusus bapa……selaku sohibul bet sinareng walina calon panganten istri anu ku simkuring di pihormat, simkuring ngadeg dina ieu tempat kalayan ngabantun asmana calon panganten pameget anu wastana cep…..kalayan digiring ku ibu sinareng ramana teu kakantun wargi sinareng tatanggina dongkap ka dieu teh anu jauh-jauh di jug-jug anggang-anggang di teang teu aya sanes : 1.Seja nyanggaken silaturahmi ku bapa…..sakulawargi. 2.Simkuring bade nyuhunken I’tidar anu di bungkus ku sasadu ka bapa sohibul bet hususna sareng ka tatamu uleman pada umumna seja nyuhunken di hapunten hususna simkuring pribadi sinareng rombongan ti pihak calon panganten pameget sok bilih aya kecap atanapi kicep kirang mernah sok komo bangkar warah kirang tata titi sinareng duduga peryogana simkuring sareng rombongan seja nyuhunken dihapuntena sakali deui qolbu jembar ku kama’lum manah jembar ku pangampura da ma’lum simkuring mah urang kampung bau lisung teu apal naon anu di sebut etika sareng kasopanan, ma’lum simkuring mah nu di anggap kota teh kotakan nu di anggap pasar teh pasir ku margi kitu bapa sohibul bet sareng tatamu uleman bade ngahapunten ka abdi sareng rombongan sadayana? Hatur nuhun, anu terahir simkuring sareng rombongan dongkap ka ieu pasamoan teh tos ka ma’lum sinareng ka mafhum ku sadayana nyaeta bade ngajajapken calon panganten pameget anu wastana cep…..anu ieu ka tinggal jisimna ku urang sadayana, leres ieu pun anak teh dijajapken ku sepuh ku wargi katut tatanggina ieu teh tawis kanyaah sareng ka melang ka anjeuna, leres ieu pun anak teh jangkung harunggung siga gunung galunggung tapi lain berarti luhur ku elmu loba pangabisa ditingali tina ka dewasaan siga anu tos dewasa tapi saleresna mah tebih tina buktos sinareng ka ayaannana, ku margi kitu simkuring nitip kalayan asmana sepuh calon panganten pameget saatosna engke di istrenan sareng di akadan ku panghulu petugas ti KUA tos janten putra bapa nyalira Punten ieu pun anak teh pang didikeun, pang jeujeuhken, pang ngawarahkeun siang sinareng weungina ma’lum pun anak teh ukur ageung kahoyong wungkul da buktosna mah sepi ku pangarti sepa ku pangabisa boh dina bag-bagan agama atawa darigamana. Terahir ti simkuring sateuacan mungkur dina ieu pasamoan bade ngiring ngadu’a ka Alloh anu maha kawasa mudah-mudahan rumah tanggana pun anak engke di jantenken rumah tangga anu mawadah warohmah tur sakinah sarindeut saigeul sabobot sapihanean ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak kacai ngajak susuci kadarat ngajak babarengan sholat. اللهم الف بينهما كماالفت بين ادم وهوى وكما الفت بين ابراهيم وسره وكما الفت بين يوسف وجليخى ياالله وكما الفت بين سيدنا محمد صلى الله عليه وسلم وخديجة الكبرى وكما الفت بين على وفطيمة الزخرى ربنا حبلنا من ازواجنا وذريتنا قرة اعين واجعلنا للمتقين اماما Bobot pangayon timbang taraju leuleus jeujeur liat tali nyanggakeun paneuda hapunteun kasadayana. بارك الله لك وبارك عليكما وجمع بينكما فى خير والله الموافق الى اقوام الطريق والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته

0 Response to "Contoh Pidato dalam Pernikahan bahasa sunda"

Posting Komentar